Jumat, 05 Oktober 2012
Banyolan Sunda
Test B Inggris
Bu Lia: “Ayeuna ibu rék ngetést maranéh anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! “,
saur ibu guru Lia.
Bu Lia : Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !
Fitha : “Bring – brought – brought, hartosna nyandak”
Bu Lia : “Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !”, si Yogi katelah tukang heureuy.
Yogi : “Dag – dig – dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR”.
Bu Lia : Nangtung dihareup !
Ngajar Basa Inggris ku basa Sunda:
“Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal present continous“, saur ibu guru Lia.
“Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !”, ibu guru Lia naros.
“Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan “.
“Déni !"
“Déy weureu daun (they were down), hartosna mereka weureu daun”
” Kahareup kabéh! Matak TBC ngajar barudak kawas kieu mah !”, bu Lia bendu.
Budak Jago Ngomong Ingris
Kuring mah teu aneh, upami barudak urang Ingris anu di London umur 9 tahun tos lancar ngagunakeun basa Inggris.
- Atuh puguh we Kang, pan maranehn teh urang Inggris anu di London, puguh we lancar kana basa Inggrisna.
+ Tah anu aneh mah ningali barudak urang Sunda aya di kota-kota Tatar Sunda umur 9 tahun masih aya keneh anu tacan lancar basa Sundana.
- Perkawis eta mah sim kuring moal ngomentaran ah..
Tukang Manuk
“Sabaraha mang manuk ieu hargana ?” ceuk saurang lalaki ka tukang manuk.
“Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu tuh, anu cicing bae, eta mah dua juta” bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung.
“Har, naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang?”
“His, pan eta anu nyiptakeun laguna”
Si Uci AKABRI
" Saha nu hoyong lebet ka surga, Ngacung ! " ceuk bu guru TK.
" Abdi,bu! " ear barudak bari ngaracungkeun curuk.
aya 1 murid teu ngacung, di taros ku bu guru
" Uci teu ngacung, teu hoyong lebet ka surga?" ceuk bu guru
" Abdi emut ka pun bapa, almarhum"ceuk uci
" Muhun cep, nanging tetep kedah hoyong lebet ka surga mah"ceuk bu guru
" emut wasiat pun bapa, Poko na mah, rek kumaha ge abdi kedah lebet AKABRI " ceuk uci
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar