(Serat :1) Siliwangi Ki Santang
Siliwangi
geus tilar dunya, henteu tilem, teu robah jadi maung atawa nu mistik
lain na. Siliwangi jalma biasa, raja pajajaran, bangsa manusa, nu pernah
hirup di alam dunya, mingpin
tatar sunda.
Boga batur deukeut ngarana Santang, pamingpin nagri sancang, bangsa
jin, lain bangsa manusa, nepi ka ayeuna aya keneh, lain sakti, tapi geus
fitrahna sakabeh bangsa jin umurna leuwih panjang.
Ulah nyampurkeun dongeng jeung carita enya. Carita nu aya ayeuna ngan
dongeng wungkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh sahiji-hiji
acan sesa pajajaran nu geus kapanggih nepi ka danget ieu. Mun hayang
nyaho carita sabenerna nanya ki santang, ulah nanya ka jalma, loba di
kira-kira.
Siliwangi, ki santang lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi
maung. Maung ngan saukur ciri. Jadikeun diri rakyat sunda jiga ka
gagahan maung. Ulah kalah ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan maung.
Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyieun ciri nagara, Manuk Dadali. Lain
anjeun turunan manuk dadali.
Kuring nonggerak, unggal poe sabenerna aya dihareupeun aranjeun.. Kuring
hariwang jeung karunya aranjeun rahayat sunda ngan loba ngobrolkeun
ngimpi.. geura hudang, baca... baca... baca alam jeung diri...